Pikeun di daerah Sunda mah, kana kasenian wayang the hamo bireuk deui, sabab mindeng ditaranggap dina boga hajat. Wayang anu kawentar di tatar Sunda jeung anu mindeng di tanggap nyaeta wayang golek. Supaya barudak terang kana hiji-hijina ngaran wayang,urang tataan ngaran wayang anu aya dina wayang golek : 1. SANGHIANG TINGGAL. Anu ngarajaan para dewa di Sawarga Maniloka 2. SANGHIANG RANCASAN. Putra cikal Sanghiang Tunggal. Pasipatanana hawek. 3. SANGHIANG ISMAYA. Putra na Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Semar. 4. SANGHIANG ANTAGA. Putra Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Togog. 5. SANGHIANG PARAMESTI. Putrana Sanghiang Tunggal anu neraskeun sesepuh para Dewa di Sawarga Maniloka, nganggo jenengan Batara Guru. 6. BATARA BAYU. Golongan Dewa di Sawarga Maniloka, 7. BATARA INDRA. Dewa anu pangkasepna di Sawarga Maniloka. 8. BATARA SURYA. Anu ngatur panonpoe di Sawarga Maniloka. 9. PANJI NARADA. Kabayan Dewa, purah diutus ku Batara Guru. 10. DEWI SUPRABA. Prameswari B...
Poto bambang badra erawan teu aya nya
ReplyDelete