Sejarah Wayang Golek


Rama Sinta Golek blepotan


Wangenan Wayang

Wayang asal kecapna tina bayang, nu hartina nya éta lalakon wangwangan adeg-pangadegna jelema boh lahirna boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta modél wangwangan jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan saléndro, ditanceb-tancebkeun dina gebog cau (Danadibrata, 2006: 739). Ruhaliah (2002: 52) nétélakeun yén wayang asal kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, hyang nya éta déwa.
Wayang nya éta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jsté. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sindén (KUBS, 1995: 561).
Wayang nya éta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Nurutkeun Pranowo (2011: 1) wayang nya éta salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna.


Sajarah Wayang

Nurutkeun Mulyono (Pranowo, 2011: 1) wayang geus aya ti jaman Néolithikum, nya éta kira-kira 1500 saméméh maséhi. Wayang nya éta pintonan dina wangun téater tradisional nu pangbuhunna. Suryana (2002: 51) nétélakeun yén perkara wayang geus aya bukti tinulisna, nya éta dina prasasti Tambaga taun 840 M (762 saka). Dina éta prasasti ditulis ngeunaan hiji pagawéan nu hartina tukang wayang, dalang nu sebutanana aringgit. Kitu deui dina prasasti Ugrasena (896 M) dituliskeun ngeunaan pagelaran kasenian, salasahijina “parbwayang” atawa pagelaran wayang. Lian ti éta dina mangsa kakawasaan Raja Balitung, pagelaran wayang geus aya nu diguratkeun dina prasasti Balitung taun 907, kalimahna: “Sigaligi mawayang buat Hyang, macarita Bhima Kumara”. Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, sing sawatek carita ma mémén tanya (Danasasmita, 1987: 83).
Hartina nya éta lamun hayang nyaho sakabéh carita saperti Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sakabéh carita tanyakeun ka dalang (Danasasmita, 1987: 107).
Rassers (Pranowo, 2011: 3) nétélakeun yén pagelaran wayang Jawa lain  asli karya asli urang Jawa. Pagelaran wayang nu aya di Jawa nya éta hasil titiron nu geus aya di India. Di India geus aya pagelaran bayang-bayang mirip jeung pagelaran wayang di Jawa. Schlegel (Pranowo, 2011: 3), méré sawangan yén dina kabudayaan Cina kuna aya pagelaran sarupa wayang. Dina waktu pamaréntahan Kaizar Wu Ti, kira-kira 140 saméméh maséhi, aya pagelaran bayang-bayang sarupa wayang. Tuluy ieu pagelaran sumebar ka India, tuluy ti India dibawa ka Indonesia. Pikeun ngadeudeulan ieu hal, dina majalah Koloniale Studien, saurang penulis méré sawangan ayana sasaruaan kecap antara basa Cina, Wayaah (Hokian), Wo-yong (Kanton), Woying (Mandarin), nu hartina pagelaran bayang-bayang, sarua jeung wayang dina basa Jawa.
Unggal tokoh miboga pamadegan séwang-séwangan ngeunaan sajarah wayang ti mana asalna. Sajarah sumebarna wayang ti India ka Timur Tengah, tuluy ka wétan ka Asia Tenggara. Wayang nu langsung ka Indonésia disebut Wayang Kulit Purwa. Wayang ti Indonésia ka Malaysia disebut Wayang Jawa (Pranowo, 2011: 4).
Dina abad ka-4, jalma-jalma nu ngagem agama Hindu datang ka Indonésia, utamana para padagang. Dina éta kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Wéda jeung épos carita India nya éta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit. Abad ka 9, muncul carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawén nu nyinekel kana carita Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan Empu Kanwa, Bharatayuda karangan Empu Sédah jeung Empu Panuluh, Kresnayana karangan Empu Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jrrd (Pranowo, 2011: 4).
Hazeu (1897) dina Mulyono (1982: 8), miboga sawangan yén pagelaran wayang asalna tina kasenian asli Jawa. Ieu hal ditembongkeun ku ayana istilah-istilah basa Jawa nu sering dipaké, saperti:
1) Wayang, dina basa Jawa hartina kalangkang;
2) Kelir, hartina tabir. Lamun sacara leuwih jero, kelir téh hartina hiji hal nu
dibébérkeun;
3) Bléncong, nya éta lampu minyak nu sumbuna manjang, gedé jeung kandel;
4) Kothak, mangrupa peti, nu tutupna gampang ditutupkeun jeung gampang dibukakeun;
5) Kepyak atawa kecrék; jeung
6) Dalang, hartina jalma anu magelarkeun wayang.
Dina susunan imah tradisional di Jawa, biasana aya istilah émpér, pendhapa, omah mburi, gandhok senthong jeung rohangan pikeun pagelaran ringgit (pringgitan), dina basa Jawa ringgit hartina wayang (Pranowo, 2011: 3).
Salmun (1942: 1) sapamadegan jeung Hazeu, yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India. Cirina upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura, Amarta, jsté. Lian ti éta, mébérna kelir, hurungna balincong, ngabaralangna dalang, haleuangna Nyi Juru sekar/sindén, agemana tatabeuhan, jeung ngigelkeunana wayang. Cindekna, ngawayang téh asli kabudayaan pulo Jawa, lain ti mancanagara.
Sajarah Wayang Golék
Wayang nu aya di Pasundan téh asalna ti Jawa. Wayang di Pasundan dibawa ku Maesa Tandreman dina taun 124. Sunan Giri ngawuwuhan wayang ku wanara. Wanara nya éta monyét nu dina lalakon Batara Rama diluluguan ku Sugriwa. Alam harita wayang Wanara téh matana dua, cara buta. Sunan Bonang ngawuwuhan ku gambar sasatoan, kayaning gajah, kuda, garuda jeung réa-réa deui. Sangkan leuwih rempeg tuluy nganggit “rampog”.
Sunan Kalijaga ngatur kelir, gebog jeung balincong. Lian ti ngarobah gambarna, Sultan Demak nyieun gugunungan sarta ngatur nancebkeun (jantur) wayang dina gebog kéncakatuhueun dalang. Di tengah-tengah, hareupeun dalang dikosongkeun pikeun ngawayang, disebutna jagat. Cindekna, ayana tatanggapan “kalangkang jejelemaan” téh hojahna Sunan Kalijaga, da nu séjén mah ngawayang téh teu maké kalangkang (Salmun, 1942: 3).
Dina taun 1521 mah wayang téh ngageblég wae. Sedengkeun dina taun 1555 waktu anu jumeneng Sultan di Demak Radén Tenggana, jujuluk Sultan Sah Alam Akbar III kakara wayang téh ditatah kitu gé teu kabéh, ngan ukur panonna jeung sungutna baé, ngarah henteu ngageblég teuing. Dina taun 1515 jeung 1521, Sunan Giri jeung para wali ngarempegan éta wayang. Dina taun 1563, Sunan Giri nganggit wayang Gedog, bangunna mah cara nu enggeus-enggeus baé ngan makuta, gelungna nu ngueul dipiceun, sarta kabéh wayang boga keris (Salmun, 1942: 6).
Wayang Bébér anu méh leungit, kasedekkeun ku wayang kulit téa, dina taun 1564 ku Sunan Bonang dihudangkeun deui, babakuna tatabeuhan diréaan, disebutna katiprak, ari sarupa-sarupana nya éta: rebab, kendang, terebang, angklung, kenong jeung kecrék. Dina taun 1581, Sultan Panjang nu jenengan Radén Jakatingkir, jujuluk Sultan Adiwijaya ngarobah deui wayang, babakuna leuwih dialusan natahna, nepi ka unggal gurat sungginganana (Salmun, 1942: 7).
Salasahiji tempat mekarna seni wayang Golék nya éta Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati (1479-1568) nyekel kakawasaan pamaréntahan. Wayang nu mekar di Cirebon harita nya éta wayang Golék Papak/Cepak nu dimangpaatkeun pikeun da’wah Islam. Cenah baheula minangka mayarna téh nya éta maca dua kalimah syahadat. Carita nu dilalakonkeunana nya éta Amir Hamzah (Suryana, 2002: 74-75).
Dina taun 1583, Sunan Kudus nyieun wayang Golék keur tanggapeun ti beurang. Dayeuh Pasundan nya éta tempat sumebarna pagelaran wayang Golék. Sumebarna éta pagelaran wayang Golék téh kawilang hésé, kitu gé ngan di kabupatén-kabupatén wungkul (Tanah Pasundan Kidul tarahal ku pagunungan), turug-turug nu ngarti kana basa Jawa téh ngan hiji dua baé, sakur nu rada lila ngumbarana di Jawa Tengah. Jaba ti kitu, nu jadi dalangna ogé langka (Salmun, 1942: 9).
Wayang Golék ti Cirebon ogé beuki jauh asupna ka Priangan. Nu bisa ngadalang beuki réa lantaran kajurung ku resep. Ti harita wayang Golék mimiti punjul dipikaresep ku urang Sunda, lantaran jaba ti beunang ditanggap nya ti beurang, nya ti peuting téh. Bangunna ogé leuwih mijalma, lantaran sasatna awak sakujur teu béda ti jelema maké kedok, nu teu témbong téh ngan ti semet cangkéng ka handap, tapi lantaran disampingan, jadi asa aya baé awak bagian ka handapna téh (Salmun, 1942: 9).
Balukar majuna jaman, kaayaan wayang Golék ogé beuki maju, nu bisa ngadalang beuki réa tur kabéh dieunakeun mah ngadalang téh henteu dimistikeun kudu basa Jawa baé. Ku éta hal, atuh urang Sunda téh beuki réa waé miroséa, nepi ka cék sawaréh mah magar geus aya ti dituna, yén pikeun urang Jawa dibahanan wayang Kulit, ari pikeun urang Sunda mah wayang Golék (Salmun, 1942: 10)
Jaba ti wayang Golék, wayang di Pasundan nu kungsi aya, nya éta wayang Lilingong jeung wayang Wong, kitu gé ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong téh di Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong téh arék cara wayang Golék baé, tapi pohara daraponna kawas anu sakadaék baé ngarékana. Ngaran-ngaranna ogé béda jeung wayang Purwa. Jigana wayang Lilingong téh mangrupa hasil titiron tina wayang Krucil di Jawa, lantaran tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun jeung tatabeuhan (saléndro) dina Golék, nepi ka jiga anu dapon araya soraan baé. Wayang Wong umurna leuwih ngora batan wayang Kulit atawa Golék tapi musnana mah leuwih ti heula. Wayang Wong di Pasundan jeung di Jawa, baheula mah teu aya bédana sagala-galana, tapi lila-lila lantaran pada boga rasa pada bogoh, karasép, wayang Wong téa ogé jadi béda (Salmun, 1942: 10).

By Nano Sutrisno

Comments

Popular posts from this blog

SILOKA SEMAR BADRANAYA

Mengenal Tokoh Wayang Golek